SIPTAHOENAN – Pamaréntah Républik Indonésia parantos resmi netepkeun Mochtar Kusumaatmadja salaku Pahlawan Nasional Taun 2025. Béwara ieu tangtos dipapag ku rasa sukur jeung reueus ku sakumna masarakat Jawa Barat. Sabab, Mochtar anu mangrupa tokoh hukum kawentar asal Jawa Barat ieu, boga peran gedé dina ngawangun sistem hukum nasional.
Wakil Gupernur Jawa Barat, Erwan Setiawan ogé masihan apresiasi jeung rasa reueusna kana kaputusan éta.
“Urang sadaya ngaraos sukur jeung reueus. Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja téh putra panghadéna ti Jawa Barat nu kagungan jasa kacida gedéna keur bangsa jeung nagara,” ceuk Wakil Gubernur Jabar, Senén (10/11/2025).
Sosok Nagarawan Jeung Ahli Hukum Nu Luhung Integritas
Mochtar Kusumaatmadja dipikawanoh ku masarakat salah sahiji nagarawan jeung ahli hukum anu miboga integritas luhur.
Dina karirna, anjeunna kungsi ngajabat Ketua Mahkamah Agung (MA) jeung Menteri Kehakiman. Anjeunna boga peran penting dina ngabaharuan sistem hukum Indonésia. Pamikiranna nu jero jeung sikepna nu santun ngajadikeun anjeunna conto keur generasi muda di dunya hukum.
Wakil Gubernur ogé nambahan, yén dina upacara panganugerahan gelar Pahlawan Nasional di Istana Negara, pangajén éta ditarima ku kulawarga almarhum, sarta anjeunna ngiring dina prosésna.
“Pangajén ieu ditarima ku kulawarga almarhum Mochtar Kusumaatmadja, sareng abdi oge aya ddinya ngiringan. Ieu reueus anu kacida keur Jawa Barat,” pokna.
Anjeunna miharep supaya engkéna leuwih loba deui tokoh asal Jawa Barat anu meunang pangajén sarupa.
“Nalika abdi ngobrol jeung Tim Pemberian Anugerah, aranjeunna nangtukeun yén loba tokoh ti Jawa Barat nu pantes meunang gelar Pahlawan Nasional. Ieu janten motivasi pikeun urang sadaya supados teras mikawanoh jeung ngahargaan jasa tokoh-tokoh daerah,” ceuk anjeunna.
Penetapan gelar Pahlawan Nasional ieu langsung dipasrahkeun ku Présidén Républik Indonésia dina upacara kenegaraan di Istana Negara dina peringatan Hari Pahlawan 10 Nopémber 2025.
Ayeuna, ngaran Mochtar Kusumaatmadja geus kacatet dina sajarah minangka putra panghadéna bangsa asal Jawa Barat nu ngadegkeun kaadilan kalayan dedikasi, ketaladanan, sarta kontribusi luar biasa keur kamajuan hukum nasional. (*)




