SIPTAHOENAN – Patung Jénderal Besar Soedirman, ayeuna nangtung agréng di Soreang, Kabupatén Bandung. Monumen ét janten lambang sumanget juang jeung nasionalisme nu moal pareum.
Monumén éta diresmikeun dina Senén (10/11/2025) ku Wakil Gubernur Jawa Barat Erwan Setiawan, babarengan jeung jajaran Pamaréntah Daérah Provinsi Jawa Barat sarta unsur TNI.
Wakil Gubernur nétélakeun apresiasi luhur kana inisiatif pangwangunan patung nu digagas ku Komandan Pusat Kesenjataan Infanteri (Pussenif) Letjen TNI Iwan Setiawan. Numutkeunana, ayana monumén éta jadi lambang sumanget perjuangan jeung nasionalisme nu lahir ti taneuh Soreang.
“Kuring ngahargaan pisan naon nu atos diinisiasi ku Komandan Pussenif, Letjen TNI Iwan Setiawan. Kalayan diresmikeunna monumén Patung Jénderal Soedirman, sakaligus peresmian Jalan Soedirman nu saméméhna ngaranna Jalan Bojong, ieu mangrupikeun lambang perjuangan ti Soreang,” ceuk Erwan Setiawan.
Ngahirupkeun Deui Seuneu Kapahlawanan
Patung Jénderal Soedirman nangtung kokoh di puseur Soreang, jadi pananda anyar nu ngagambarkeun sumanget pantang nyerah sang Panglima Besar. Monumén ieu dipiharep bisa nguatkeun identitas sajarah sarta nancebkeun nilai-nilai kapahlawanan di wilayah Kabupatén Bandung.
Letjen TNI Iwan Setiawan nyatakeun yén pangwangunan patung jeung panamaan jalan éta mangrupikeun bentuk panghormatan ka pahlawan nasional nu geus berjasa ageung pikeun kamerdikaan Indonésia.
“Urang hoyong ngahirupkeun deui sumanget juang Jénderal Soedirman supados salawasna aya dina hate masarakat. Muga-muga monumén ieu jadi inspirasi pikeun generasi ngora pikeun terus mikanyaah tanah air,” pokna.
Dina kasempetan anu sarua, Wakil Gubernur Erwan Setiawan ngajak masarakat Jawa Barat pikeun nuturkeun nilai-nilai perjuangan para pahlawan.
“Hayu urang émut kana jasa pahlawan, teraskeun perjuangan kalayan hate nu merdéka. Indonésia moal pernah eureun berjuang salami seuneu kapahlawanan tetep hurung dina jero hate urang,” unggeukna pinuh sumanget.
Masarakat Soreang katingali antusias nyambut peresmian éta. Sababaraha murid, veteran, jeung tokoh masarakat hadir dina acara nu dieusi ku upacara singget sarta penampilan seni budaya nu ngagambarkeun perjuangan.
Kalayan diresmikeunna Patung jeung Jalan Jénderal Soedirman, kawasan Soreang dipiharep teu ngan jadi puseur pamaréntahan Kabupatén Bandung, tapi ogé jadi lambang sumanget perjuangan jeung kareueus pikeun masarakat Jawa Barat. (*)




